mulailah mencintai negri kita dengan karya sastranya ^_^

aku anak indonesia,
cinta negeri dan menghargai
karya sastra indonesia...
HIDUP INDONESIA!!!!!

Minggu, 06 Maret 2011

"Ngarana Biyan!!!", -> cerpen sunda pertamaku yg di muat di majalah, hehe*alhamdulilah dot kom

Ngarana Biyan
Winni Siti Alawiah

Isuk-isuk keneh Deni geus gura giru meresihan buruanana tina dadaunan garing. Ngan teu siga biasana isuk harita mah bebersih buruan teh asa diudag ku waktu. Sangkan poe ayeuna teh manehna jeung warga nu lain rek ngabantuan ngangkutan barang warga nu anyar pindahan.
“hey Den, hayu geura indit Pak RT geus ngadagoan”, ajak Asep panganten anyar nu karek dua minggu jadi bapak
“keheula kagok”, tembal Deden bari ngagunukeun daun-daun garing nu tuluy di diduruk.
“yu atuh ah, urang kaditu tiheula. Ke maneh nyusul nya Den”
“heg ke urang nyusul”
Sanggeus dudurukan Deden bebeja ka pamajikana sangkan rek milu ngabantuan warga nu anyar pindahan. Imah nu rek di cicingan ku warga anyar teh nyaeta imah Ustad Badli nu geus opat minggu di kosongkeun. Cek Pak RT mah Ustad Badli pindah ka kampung Bu Nyaina. Ecek beja mah eta imah teh dijualna murah pedah imahna model baheula keneh.
“eleh eta parabotan meni loba kitu”, hareos Deni dina jero hate
“hey, kalah ngahuleng buru kadieu angkutan ieu barang ka jero”, titah Pak RT bari ngajorowok
“muhun Pak muhun….”
Kakarek nempo nu pindahan mawa barang nu sakieu lobana nepikeun ka opat dogongeun. Patesan Pak RT menta bantuan ka para pamuda. Sajam satengah kabeh barang geus beres diasupkeu ka jero imah, untung loba nu mantuan. Kabayang mun Pak RT, Asep jeung Deden hungkul anu digame meren matak beres sapoeeun.
“Sep, asa teu ningali nu boga imahna ieu teh”, tanya Deden panasaran
“puguh ge. Apanan ceuk Pak RT nu boga imahna mah magrib karek datangna”, tembal Asep bari ngahuapkeu pisang goreng nu disuguhkeun ku Bu RT.
“Oh baruk atuh. “
“eh Den nyaho teu. Warga anyar nu bakal nyicingan imah ieu teh pan gadis keneh”
“wah nu baleg Sep”
“eh matak pamuda daraekeun dititah ku Pak RT mantuan oge pan harayang nempo awewe nu boga imahna”
“oh… jadi mingkin panasaran eng”
“yu ah Den, urang balik tiheula geus didagoan ku pamajikan.”
“jadi maneh moal nempo gadis nu boga imah teh?”
“ah eta mah gampang, isukan ge bisa. Leuwih lila deuih sabab eweh pamuda-pamuda”
“ah keheula urang ge rek balik we ah. He’ehnya mending ge isukan lewih bebas hahaha”
***
Isukna ba’da lohor Asep nyamper ka imah Deden sangkan rek ngajak ka nempo gadis nu nyicingan imah anyar tea. Asep bebeja ka pamajikana rek ngusep jeung Deden ka Cimandiri. Kitu oge si Deden bebeja ka pamajikana rek ngusep bareng jeung si Asep. Ameh kaciri beneran rek ngusep Deden ngajak asep kaburuan keur neangan cacing keur umpan.
“kadenya kang tong magrib teuing mulangna. Laukna ke urang goreng”. Ceuk Rahipah pamajikan Deden bari sasapu di jero imah.
Karek nepi hareup buruan imah anyar si Asep ngerenkeun lengkahna.
“naha Sep kalah eren?”
“tingali atuh Den. Diburuan loba pamuda nu kamari keur nararaon itu teh nya?”
“hayu lah urang tingali we kaditu”
Tepi di buruan nu katempo para pamuda kamari keur bebersih siga aya gotong royong. Ngan bedana gotong royong teh eta mah ngan sauukur di imah eta. Para pamuda teh aya nu nyarapu, ngelapan kaca, ngepel, nepika nu nyekelan kemoceng hungkul ge aya siga eweh deui pagawean.
“teu salah ieu teh Sep”
“he’e sugan ker kaasupan jurig bebersih ieu pamuda teh”
“Sep…sep…. tempo itu di lawang panto. Pak RT jeung awewe”
“subhanallah meni geulis, jangkung bodas, eh meuni mencrang lah”
Asep jeung Deden ngahulang ningali awewe geulis di lawang panto keur ngobrol jeung Pak RT.
“Nuhun pisan nya Pak RT. Meuni ngarepotkeun”
“ah heunte biasana ari di desa ieu mah mun aya warga baru para pamuda sok langsung segut ngabantuan. Teu kedah sungkan nya neng”
“oh sae atuh nya Pak”
“pokokna tong segen nya neng mun bade nyungkeun bantuan. Langsung we ka Bapak”, tembal Pak RT bari sura seri.
Deden jeung asep teu purun nyampeurkeun, maranehna baralik deui.
“wah curiga urang mah”, ceuk Deden bari mikir siga nu karareheul
“sarua urang ge curiga ka Pak RT. Banguna Pak RT aya maksud ngadekeutn eta gadis. Da meuni geulis, saha atuh nu teu kasihir ku eta gadis”, tembal Asep siga nu sumanget
“bener Sep etamah. Pasti Pak RT hayang dekeut. Dasarnya geus kolot oge, teu sieu sugan ku Bu RT nu sakitu galakna”, tambah Deden siga nu pang benerna. Padahal maranehna oge geus pada boga pamajikan.
“kieu we Den ayeuna mah. Urang paburu-buru jeung Pak RT. Da meenya gadis bogoh ka aki-aki siga Pak RT, hahaha. Yu ah ayeuna mah urang mancing”
Akhirna Deden jeung Asep mancing ka Cimandiri. Sapanjang jalan maranehna teu ereun-ereun ngomongkeun Pak RT jeung gadis nu geulis tadi.
***
“kumaha kang, aya panggilan deui keur digawe?” tanya Rahipah bari motongan bawang
“acan Ipah, apanan ari digawe jadi kuli bangunan mah teu tangtu gawena. Mun keur loba nya pasti dipanggil”, tembal Deden bari maca Koran
“nya atuh kang ari kitu mah. Ipah ngan bisa sauukur ngado’a mugi-mugi akang dimudahkeun digawena, amin nya kang”
“amin Ipah. Da keur saha deui ari aya rezeki mah keur pamajikan”
“eh kang arek numis kangkung ari tomat mananya”
“eh naon tomat, cik dieu ku akang we meuli ka warungna”
“sinarieun si akang daekan”
“sakali-kali mah atuh Ipah”
“nya jung atuh kang sarebueun we kang”
Lain ku purun-puruna si Deden teh meuli tomat ka warung, sabenernamah manehna hayang manggihan gadis warga anyar tea. Emang keur rejekina, balikeun ti warung Deden paamprok jeung warga anyar.
“eh bade kamana Neng, nyariya wae?”, tanya Deden bari sura seuri teu ngarumasakeun geus boga pamajikan.
“bade ka warung kang biasa peryogi bawang kanggo numis”
“oh sami atuh akang ge nembe meser tomat kanggo numis”
“mangga atuh kang”
“oh mangga mangga neng”
“meunang ku urang, sigana manehna ge merean”, ceuk Deden jero hate.
Ti samet harita Deden getol mantuan pamajikana digawe di imah komo mun rek meuli babahanan ka warung mah, belaan keur mandi oge diburu-buru. Sangkan hayang ngamprokan neng Yan, nyaeta ngaran gadis warga anyar teh Yanti.
Siga nu embung eleh, Asep ge sok bela-belaan meuli sampe ka kebon ki Supri keur bawaeun ka imah neng Yanti. Mun arek nganjang ka imah Yanti, Asep sok bebeja ka pamajikana rek ngusep atawa rek maen gapleh jeung Deden. Katilu kalian Asep nganjangan imah Yanti manehna asa dibere harepan sangkan Yanti bogoh kamanehna.
Kitu oge Deden, manehna nyaritakeun ka Asep sangkan manehna mingkin bogoh ka Yanti sabab Yanti mere respon positif. Tiap papanggih di warung atawa di jalan, Yantis osok ngajakan nganjang ka imahna. Ngan ukur dua kali Deden nganjangan imahna itu oge bari ngabohong heula ka pamajikana.
“kumaha nya Den, da urang mah asa kapelet ku si Yanti teh”
“naha kitu?”, tanya Deden polos bari ngaitkeun cacing kana kail.
“da rarasaan teh sikap manehna beda pisan ka urang mah. Sigana manehna ge bogohen”
“ah cek saha. Kaurang ge sarua!”
“nu puguh mah nanya langsung ka Yantina!”
“kos nu heeh. Pan maneh teh anyar boga pamajikan si Arni rek dikamana keun?”
“nyaeta atuh. Mun daekeun si Arni di madu ku urang”
“lain kitu, mun daekeun si Yanti jadi pamajikan maneh”
“ah geus ah, tong waka di bahas rarieut jadina teh”
***
“kang terang te, apanan Pak RT keur teu akur jeung Bu RT na”, beja Ipah bari nyuguhkeun teh manis dina meja.
“hah nu bener, naha kunaon bisa teu akur kitu?”, tanya Deden bari nyuruput teh manis dina muk gede.
“ceuk ibu-ibu mah, Pak RT teh rek poligami”
“wah Ipah nu bener!!!” Deden siga nu tepercaya.
“apanan gara-gara si Yanti warga anyar tea kang. Cenah mah Pak RT teh kapelet ku awewe eta teh”, tembal Ipah ngile pangeheulkeun.
“kade tah kang tong deket-deket jeung si Yanti bisi kapelet jiga Pak RT!!”
“Oh kowo we. Meenya akang bogoh ka nu kitu”. Deden nungkul
Carita Pak RT arek poligami teh geus nepi ka ibu-ibu sakampung. Ti harita oge ibu-ibu jadi arijiden ka Yanti. Mun ka warung Yanti sok disindiran, mun pangajian ka masjid ge sok dijarauhan.
“teu nyangka eta aki-aki hayang ka si Yanti”
“saha Sep?”
“eta Pak RT. Nepika teu akur jeung Bu RT na geus saminggu. Cenah Pak RT hayang poligami”
“oh heeh. Moal ge daek si Yanti dikawin ku aki-aki tujuh mulud kitu”
“da kumaha deui meren ari bogoh mah. Jiga arurang we. Ngan bedana arurang mah can nepikeun rek ngawin si Yanti”
“bener. Da arurang mah kieu-kieu ge nyaah keneh ka pamajikan. Bener teu Sep?”
Asep nembalan ku seuri.
***
Poe minggu subuh keneh imah Yanti geus pinuh ku warga kampung. Yanti diupahan ku ibu-ibu, manehna reuwas keneh ku kajadian di imahna peuting harita. Malem minggu jam sapuluhan imah Yanti di datangan maling.
Harita Yanti keur lalajo tipi, jol-jol ti jandela aya lalaki duaan asup mawa cerulit jeung bedog. Pas arek ngajerit menta tolong Yanti geus di todong ku cerulit. Teu bisa walakaya nempo maling ngagaradahan lomari kamarna nepi ka di acak-acak. Geus meunang duit jeung emas nu aya di lomari, maling teu mangku Yanti ka kamar. Yanti teu berontak, manehna kalah nyingraikeun erokna di hareupeun maling nepikeun eta maling siga nu kasima. Keur kitu Yanti lumpat kaluar imah bari ngajorowok menta tulung.
***
“geus ningali Koran Sep?”, tanya Deden gek diuk di harepeun Asep
“geus dua kali Den. Pamajikan urang mah kalah seserian macana ge”
“naha seserian?”, tanya Deden panasaran
“nyaeta, apanan dina Koran disebutkeun mun maling teh kabur sabab ningali korban nu nembongkeun bobogaana”
“hahaha. Puguh ge urang ge hayang seuri Sep. naha bener si Yanti teh awewe. Hahaha”
“da emang awewe. Ngan awewe nu bobogaanana kawas lalaki”, tembal Asep
“nu bener mah awewe jadi-jadian, lalaki nu nyalahan kodrat. Ngaran KTP na ge apan BIYANTO naha jadi YANTI. Kudu namah Neng Yanto. hahaha” tambah Deden bari cacalakatakkan.
“untung nya, urang jeung maneh can neupikeun siga Pak RT rek ngawin si Yanti”
“untung pisan. Matak ngaliang mun jadi Pak RT da era atuh. Mun jadi ngawin si Yanti, dina Koran teh “RT kampung Sarijadi ngawin awewe perjaka” hahaha. Pan teu lucu”
“hahahaha. Bisa wae maneh mah” Asep seri ngagakgak.