mulailah mencintai negri kita dengan karya sastranya ^_^

aku anak indonesia,
cinta negeri dan menghargai
karya sastra indonesia...
HIDUP INDONESIA!!!!!

Minggu, 12 Juni 2011

ye..cerpennya dimuat lagi... ^^

CARPON
Loba Piliheun
Ku Winni Siti Alawiah

Asa teu nyana ceuk si Merliana mah. Tetempoan teh asa hehereyan. “naha bener ieu teh?, naha enya maranehna teh?”. Poe harita Ana sebutan si Merliana ti isuk keneh neupika beurangna pagaweana ngan ukur hulang huleng di buruan imahna.
Genep jam teh siga nu saukur genep menit karasa ku Ana mah. Tirisna angin isuk ge karasa haneut. Beurang nu sakitu panasna asa isuk keneh karasa ku Ana. Kabeh nu ditempona sangkan endah tur merenah. Bener sangkan aya papatah ‘mun keur jatuh cinta mah kabeh karasa endah’.
Dewi portuna sigana keur nuturkeun Ana. Eweh deui nu pang bahagiana ayeuna iwal ti Ana alias Merliana Soebagyo. Gadis nu geus nganjak dewasa ieu geus menangkeun jodohna. Ngan hanjakalna jodohna teh lain ngan sauukur hiji lalaki tapi tilu lalaki sakaligus. Tilu lalaki eta nyaeta Rudi babaturan keur SMA na, Radit babaturan sakelasna di kampus ayeuna, Pak Encep nyaeta dosen nu dipikabogohna tiawal asup kuliah.
Bet teu disangka-sangka, jodoh teh asa siga duren runtuh cek basana mah. Meuni skaligus tilu lalaki nu bogoh tur ngajak kawin ka manehna. Puguh ge lain lieur deui nu dirasa Ana gadis jangkung leutik ieu sangkan matak keder sorangan. Eta tilu lalaki teh, kabehna pernah dipikabogoh ku Ana. Mun dititah milih moal mungkin bisa milih salah sahiji, kahayangna mah mun bisa rek tiluanana di pilih ku Ana jadi salakina. Tapi da asal moal mungkin ari kitu mah.
Ti isuk mula lamunan Ana manjang neupika lohor nakeun. Tiap menit asa ngolebat bayangan raray tilu lalaki eta. Ari dipikir keur masa depan mah asa berat ka Pak Encep nu geus puguh gawena jadi dosen. Tapi da ari cinta pertama mah emang paling hese lengitna, cinta pertama Ana nyaeta ka Rudi. Muhammad Rudi Syahputra, lalaki nu jadi kabogohna ti SMA kelas dua semester dua. Rudi anak ka tilu ti tilu bersaudara, tingkal laku jeung sopan santuna nu napel pisan dina ingetan Ana. Kumaha Rudi nu sakitu bager tur sopana ka awewe. Mun nginget-nginget baheula asa kasuat-suat kenangan endah jeung Rudi. Hiji deui Raditya atau Radit, babaturan sakelasna nu saling bogoh ti awal asup kuliah. Ngan sama-sama era ngungkapkeunana nepi ka karek ayeuna Radit wani ngungkapkeun perasaana ka Ana.
Leuwih lila ditimbang jeung dipikir, leuwih rieut Ana milih nentukeun mana nu rek ditarima ku manehna. Sangkan ngadangu adzan lohor, Ana ganjang indit kacai wudhu tuluy solat. Saenggeus solat, Ana munajatkeun do’a ka Gusti nu Agng sangkan dibere jalan kaluar keur nentukeun pilihan ker hirupna engke.
Teu lila, hape ana hurung aya dua sms asup. Dibuka eta sms teh, duanana dikirim ti Radit. Eusi smsna nu hiji eusina puisi jieunan Radit, sms kadua eusina nanyakeun deui jawaban Ana. Anu paling dipikaresep ku Ana ti Radit nyaeta puisi-puisi manehna nu unik jeung jujur kata-katana. Aya hiji puisi nu teu dipikanyaho ku Radit sangkan eta puisi disimpen ku Ana.

Alam Merah Jambu

Banyak tatapan enggan terpejam
Berteman lebabnya sulaman malam
Begitu merdu seribu kalbu
Berangan dari keinginan terpendam
Semakin larut seraya lanjut
Lantur sana-sini
Luap satu-satu, luruhkan kata-kata
Luangkan rasa-rasa
Suasana hati suntingan jiwa
Aku tersudut
Akalku terbungkam
Semakin terbuka kisah batin,
Semakin tercurah kasih sayang
Sematkan pada angin
Sebarkan pada langit
Angkasa raya tersipu, awan mata tersapu
Lalu memerdekakan jiwaku yang terjajah asmara

Teu puguh rarasaan mun maca eta puisi ngan ukus sakilas oge rasana diri Ana bungahna teu kaukur. Ti leutik Ana resep pisan kanungarana puisi, geus teu kaitung lomba-omba baca atawa nulis puisi nu dipiliuanana. Kitu oge jeung Rudi, nu nyatakeun cintana make puisi cinta nu matak luluhkeun hate Ana neupiken ka bogoh pisan ka manehna. Komo deui ka Radit mah, Radit geus kasohor ku puisi-puisi unikna di kampus.
Dibukana sms kadua nu eusina puisi ti Radit teh. Samemeh maca ge hate Ana geus teu puguh rarasaan, dag dig dug. Les kabeh pikiran kabeh pinuh ku bayangan tentang Radit, mulai ti seurina Radit, sora na nu lantang di kelas, matana pas ningali Ana neupika cara jalana Radit nu siga nyata nyamperkeun Ana nu keur diuk ngahuleng di korsi.

Kepada Merliana Soebagyo

Sepasang lesung luruh melayang, menjadi lanskap sesosok wajah hingga kala senja yang serupa lepas senyum tatap meluncur.

“subhanallah……..”, Ana ngan bisa istigfar. Ana teu nyangka lamun Radit sok merhatikeun manehna mun keur seuri di kelas. Neupika kempot dina pipi kaler jeung katuhuna diperhatikeun. Migkin bogoh asana Ana ka Radit komo sanggeus maca eta puisi.
Ana teu bisa kitu wae mutuskeun milih Rudi, Radit atawa Pak Encep sorangan. Mun menta saran ka kolotna mah pasti ngijinan jeung satujuna ka Pak Encep. Alesana mah Pak Encep the geus mapan, dewasa bisa ngabingbing jadi kapala rumah tangga, pangpangna mah bisa nyumponan biaya hirup engke geus kawin. Ditambah Ana ge bogoh ka Pak Encep siga Ana bogoh ka Radit, rasana sarua kadarna.
Hape Ana hurung deui, aya sms ti Rudi. Gancang dibuka tuluy dibaca ku Ana meuni ati-ati. Eusina nyaeta ngabejaan ka Ana sangkan Rudi geus katarima gawe di Pemkot (pemerintah kota) Sukabumi di bagian humana tapi inti smsna mah nyaeta rencana Rudi jeung keluargana nu rek datang ngalamar isukan. Langsung ngagebek Ana harita oge sanggeus maca sms ti Rudi.
Leles, teu puguh rarasaan, curuluk cimata ngabasehan pipina nu kempot. Sakedeung Ana hulang huleng bari nyekelan dadana nu deg-degan. Jalan hirupna asa tepararuguh. Dihiji sisi Ana teu bisa nolak Rudi, tapi di sisi lain manehna ngarep pisan ka Radit jeung beurat pisan ka Pak Encep nu direstuan pisan ku kolotna.
Cimatana teu root, ngucur minkinan teu ka kontrol. “ Duh Gusti….. sing di bengraskeun, sing dibuka jalan nu jelas, saha jodoh nu diridhoan ku Gusti”, Do’a Ana jero hatena. Naha ieu cinta teh meni sarua kadarna, eweh nu condong atawa berat ka salah sahiji. Asa teu mungkin mun Ana narima tiluanana jadi salakina. Kitu oge jeung Rudi, Radit atawa Pak Encep nu moal mungkin narima Ana jadi pamajikanana nu poligami.
“Na…Ana…”, kadangu sora indungna ngageroan ti luar kamar.
“kah bu…”, tembal Ana ti jero kamar.
Indungna nyamperkeun kajero kamar, gek diuk indungna dina kasur gigireun Ana nu keur mupus cimatana.
“Neng Ana putri Ibu nu soleh, ibu bungah kacida Tadi siang Encep nyamperkeun Bapak sareng Ibu di kantor. Encep bade ngalamar Eneng enjing sareng keluargana”. Ibuna nagkeup Ana
“jodohmah moal kaman neng, buktina Encep nu dipikabogoh ku eneng teh nyamperkeun ngalamar eneng. Ibu nyatujuan pisan sareng bapak lamun eneng jadi sareng Encepna”.
***
Isukan nu dipikasieun ku Ana kajadian. Tilu mobil datang babarengan parker hareupen imah Ana. Kijang bodas Pak Encep parkir pang harepna, tuluy baleno bereum Radit nu disusul ku xenia anyar boga Rudi. Tiluanana turun babareungan, Pak Encep, Rudi jeung Radit datang jeung keluargana.
Leles asana teh sakabeh badan Ana. Bingung kudu kumaha ngahadapan tilu lalaki dihareupenana nu boga maksud nu sarua nyaeta ngalamar Ana. Ana geus teu puguh rarasaan, manehna ngabalieur kajero imah lumpat ka kamarna. Saking gancangna lumpat, blug Ana labuh.
Bray beunta panon Ana, ditempona sakuliling tuluy nyengir sorangan. Gurubug datang indungna asup gura giru ka kamarna.
“aya naon Neng, ibu meuni reuwas. Ngadangu sora nu labuh”, tanya indungna reuwaseun
“he… teu aya nanaon ibu, Ana gebis ti kasur”, tembalna bari nyengir
“eh Gusti ari Eneng, aya-aya wae. Ngimpen nyah?”, tanya ibuna
“em…..muhun bu…”, tembal Ana bari luk tungkul era
Celeukeuteuk seuri Ibuna bari ngusap rambut Ana. Teu kuat ningali ibuna seuri Ana ge ngilu seuri bari nyaritakeun ngimpina soal jodohna nu satilu-tilu sakaligus.